Uji Kompetensi Basa Sunda Kelas 9 Quiz

20 Questions | Attempts: 411
Share

SettingsSettingsSettings
Uji Kompetensi Basa Sunda Kelas 9 Quiz - Quiz

Questions and Answers
  • 1. 
    Pami ngritik urang ku pamaham ngeunaan hal anu dikritikna. Umumna Kritik téh dina enas-enasna mah sarua jeung…………………
    • A. 

      luyu

    • B. 

      Esay

    • C. 

      Palanggeran

    • D. 

      nyawad

  • 2. 
    Umumna Kritik téh dina enas-enasna mah sarua jeung nyawad. Kritik téh hartina nepikeun pamanggih hiji hal nu teu……………...
    • A. 

      Luyu jeung kaperluan

    • B. 

      saluyu jeung palanggeran

    • C. 

      Nyawad jeung kaperluan

    • D. 

      Robah jeung nyawad

  • 3. 
    Aya bantosan ti pamaréntah mung teu sadayana siswa kénging. Abdi ogé kénging bantosan ti pamaréntah nu disebat BAGUS nya éta Bantuan Gubernur Untuk Siswa. Artos BAGUS téh ku Apa sareng ku Ema sok dipésérkeun kana buku tulis, kantong, sareng acuk saragam. Sésana disimpen kanggo bekel sakola abdi sadidinten. Artos BAGUS téh ku Apa sareng ku Ema sok dipésérkeun kana buku tulis, kantong, sareng acuk saragam. Sésana disimpen kanggo …………………………………
    • A. 

      bekel sakola pun lanceuk sadidinten

    • B. 

      bekel sakola abdi sadidinten

    • C. 

      meser saragam sakola abdi sadidinten

    • D. 

      Bekel pun adi sakola sadidinten

  • 4. 
    Pupuh dina sastra Sunda aya 17 pupuh, dibagi dua Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Nu kaasup Sekar Ageung nyaéta pupuh………………..    
    • A. 

      Wirangrong

    • B. 

      Durma

    • C. 

      Dangdanggula

    • D. 

      Lambang

  • 5. 
    “Ulah bosenan ari diajar téh, sok sing leukeun da éngké ogé moal burung bisa,asal urangna leukeun ngeureuyeuh bari keyeng kana diajar, geuning ceuk paribasa ogé………………………
    • A. 

      Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok

    • B. 

      Heunteu gedag bulu salambar

    • C. 

      Banda tatalang raga

    • D. 

      Cikaracak ninggang hulu, laun-laun jadi legok

  • 6. 
    Si Cesar téh katabrak mobil, nya dirawat di Rumah Sakit “ Bayu Asih”. Pikeun kaperluan operasi, indungna ngajual perhiasan. Ninggang kana paribasa………….….., boga barang ngan sakitu-kituna gé dijual wé, tinimbangan anak maot mah.      
    • A. 

      Banda tatalang raga

    • B. 

      Heunteu gedag bulu salamba

    • C. 

      Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok

    • D. 

      Hambur bacot murah congcot

  • 7. 
    Sangkan henteu méngpar tina katangtuan nu geus padanyaluyuan, dina nepikeun kritik boh sacara lisan boh tulisan kudu dirojong ku....      
    • A. 

      Pinter nyarita dina nepikeun kritik

    • B. 

      Pamahaman ngeunaan hal nu dikritikna

    • C. 

      Basa anu merenah

    • D. 

      Sikep, réngkak jeung peta anu luyu

  • 8. 
    Waktu jumatan bedug nu di tajug téh ditakol ku................... Istilah patukangan nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah   nyaéta…….
    • A. 

      muazin

    • B. 

      Palika

    • C. 

      Sarati

    • D. 

      Merebot

  • 9. 
    Waktos kamari bada lohor abdi mios ka pabukon. Buku ti pabukon téh tos ……................ ku abdi, bade diwangsulkeun dinten ayeuna.       
    • A. 

      dicandak

    • B. 

      dijungjung

    • C. 

      Dijingjing

    • D. 

      Dibantun

  • 10. 
    Sanggeus ngadéngé beja yén indungna maot, manéhna ngarumpuyuk leuleus lir .............      
    • A. 

      kapuk kaibunan

    • B. 

      Beusi atah beuleum

    • C. 

      Kacang ninggang kajang

    • D. 

      Gaang katincak

  • 11. 
    Raray budak kembar téh mani sarupa pisan lir .............      
    • A. 

      beubeulahan terong

    • B. 

      Careuh bulan

    • C. 

      Gula jeung peueutna

    • D. 

      Beubeulahan pinang

  • 12. 
    Sing alus atuh tulisan téh, ulah kawas ………………..… kitu!     
    • A. 

      gaang katincak

    • B. 

      tihang listrik

    • C. 

      Cékér hayam

    • D. 

      Cékér entog

  • 13. 
    Dina sastra Sunda aya Novel nu judulna Laleur Bodas. Saha nu ngarang novel Laleur Bodas?     
    • A. 

      Samsu

    • B. 

      Abdullah Mustappa

    • C. 

      Aam Amélia

    • D. 

      Ki Umbara

  • 14. 
    Radén Amir Mahmud keur ngajaran baju anyar. Kalimah di luhur téh disebut kalimah………..
    • A. 

      Réfléktif

    • B. 

      Resiprokatif

    • C. 

      Pagawéan

    • D. 

      Kaayaan

  • 15. 
    Dina sastra Sunda aya Novel nu judulna Si Bedog Panjang. : Saha nu ngarang novel Si Bedog Panjang?    
    • A. 

      Mohamad Ambri

    • B. 

      D.K Adiwinata

    • C. 

      Aam Amélia

    • D. 

      Ki Umbara

  • 16. 
    Dina sastra Sunda aya Novel nu judulna Baruang ka nu Ngarora.  Saha nu ngarang novel  Baruang ka nu Ngarora?
    • A. 

      R. Suradireja

    • B. 

      R. Juliadi

    • C. 

      D.K Ardiwinata.

    • D. 

      WS. Rendra

  • 17. 
    Gajah téh nurut ari ka .......................mah. Istilah patukangan nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah nyaéta…….     
    • A. 

      Paninggaran

    • B. 

      Kamasan

    • C. 

      sarati

    • D. 

      merebot

  • 18. 
    Jabung tumalapung sabda kumapalang hartina……………………………        
    • A. 

      Teu nyarita bari ngarumasakeun taya kabisa

    • B. 

      Milu nyarita bari ngarumasakeun taya kabisa, tapi lantaran kapaksa

    • C. 

      Milu nyarita bari ngarumasakeun boga kabisa taya kabisa

    • D. 

      Milu nyarita bari ngarumasakeun boga kabisa, tapi lantaran kapaksa

  • 19. 
    Wilujeng……………………….ka parawargi sadayana di SMP Negeri 1 Purwakarta, mugia aya dina ginanjar kawilujengan.      
    • A. 

      Sumping

    • B. 

      dongkap

    • C. 

      datang

    • D. 

      Linggih

  • 20. 
    Katerangan atawa informasi ngeunaan hiji kajadian atawa hiji hal anu ditepikeun ka balaréa ngaliwatan média massa, boh citak boh éléktronik disebut…………………………….      
    • A. 

      Carpon

    • B. 

      warta

    • C. 

      Béwara

    • D. 

      éséy

Back to Top Back to top
×

Wait!
Here's an interesting quiz for you.

We have other quizzes matching your interest.